Naon nu disebut warta?

Naon nu disebut warta?

Jawaban

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Warta
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :

Warta nyaeta beja atawa informasi ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener kajadian atawa aktual. Data anu ditepikeun  atawa dilaporkeun dina hiji warta dumasar kana data anu bener atawa valid jeung asli. Salian ti eta, tempat jeung waktu anu diwartakeun atawa dibejakeun oge jelas, basa anu digunakeun ngagunakeun basa anu kaharti, sarta eusi anu aya dina warta sipatna objektif.

Dina nulis hiji warta, aya padoman atawa panduan anu gampil, saderhana jeung geus dipikawanoh ku balarea, khususna ku wartawan atawa jurnalis, nyaeta anu disebut rumusan 5W+1H. Sacara singget, anu dimaksud rumusan 5W+1H teh netelakeun yen hiji warta bisa dianggap eusina cukup lengkep umpama miboga unsur-unsur anu aya dina 5W+1H, nyaeta unsur-unsur what, who, when, where, why jeung how.

Leave a Comment