Dongeng sage nyaeta
..
Jawaban
Dongeng sage nyaeta dongeng anu eusi caritana miboga hubungan jeung carita sajarah. Carita nu aya dina dongeng sage biasana nyaritakeun carita saperti ngeunaan kapahlawanan, kawanian, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma. Conto dongeng sage nyaeta saperti dongeng Dipati Ukur jeung dongeng Prabu siliwangi. Dongeng teh kaasup kana karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa.
Pembahasan
Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng mah kaasupna kana prosa buhun, saperti carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carpon atawa carita pondok. Ciri utama tina dongeng nyaeta eusi caritana anu pamohalan atawa henteu asup kana akal.